Turi (Sesbania grandiflora) nyaéta tangkal leutik nu asalna tina kulawarga Fabaceae. Ieu tangkal ditaksir mimitina ti Asia Kidul jeung Asia Tenggara, sanajan kiwari mah geus sumebar ka saban daérah utamana nu mibanda iklim tropis.[5] Dina basa inggrisna, agathi, ngarana dicokot tina bahasa Bengali, agati.[6]
Tangkal turi mibanda ngaran daérah sewang-sewangan saperti: dina basa (Jawa jeung Sunda, nyebutna tangkal turi); disebut ogé toroy ku urang Madura, tuwi ceuk urang Bali, turing, suri di Sulawesi kalér, palawu dina basa Bima, gala-gala di Timor.[5] Jeung réa-réa deui.[4]
Kai tangkal turi mah kasebut hipu kalayan dina hirupna henteu lila, jangkung tangkalna 5-12 m .[7] Akarna ngajarendil tur matak nambahan subur kana taneuh. [8] Kembangna bijil tina régang, barodas aya ogé nu beureum tur rubak kawas kukupu. [9][7] Ngagarantung dina saranggeuy aya 2-4 kembang, kembang nu can ligar/masih kudu wujudna kawas arit.[7] Kulit tangkalna hawuk aya ogé nu semu coklat, wajudna kasar bareulah kawas rorombeheun.[9] Dauna kawas daun peuteuy ata selong, pedah leuwih rubak jeung paranjang.[9] Buahna wujud polong, ngagantug, kawas kacang panjang, panjangna 20–55 cm, mangsa masih kénéh ngora kelirna héjo dinama geus gumading kulitna robah semu konéng. sikina ogé kawas siki kacang panjang pedah ukuranna leuwih badag.[4].[9]
|isbn=
value (bantuan).|first4=
missing |last4=
in Authors list (bantuan)
Turi (Sesbania grandiflora) nyaéta tangkal leutik nu asalna tina kulawarga Fabaceae. Ieu tangkal ditaksir mimitina ti Asia Kidul jeung Asia Tenggara, sanajan kiwari mah geus sumebar ka saban daérah utamana nu mibanda iklim tropis. Dina basa inggrisna, agathi, ngarana dicokot tina bahasa Bengali, agati.
Tangkal turi mibanda ngaran daérah sewang-sewangan saperti: dina basa (Jawa jeung Sunda, nyebutna tangkal turi); disebut ogé toroy ku urang Madura, tuwi ceuk urang Bali, turing, suri di Sulawesi kalér, palawu dina basa Bima, gala-gala di Timor. Jeung réa-réa deui.