dcsimg

Suji ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Suji (Dracaena angustifolia) nyaéta salah sahiji tutuwuhan tina kulawarga Asparagaceae.[1] Suji asalna ti Guinéa.[2] di nagara urang, tutuwuhan ieu geus lila dipikawanoh.[2] Cai daun suji bisa dipaké pikeun méré warna kana kuéh, misalna kuéh kelepon, ager, jeung sajabana. Salian pikeun pawarna, tutuwuhan ieu bisa dipaké ogé salaku tutuwuhan hias.[2]

Ieu tutuwuhan kaasup perdu ngadeg atawa tangkal leutik nu jangkungna leuwih ti 60 cm, miboga cabang loba, Daunna wangun pita atawa lansét, nyempit di handap dasar palapah, nyungcung pisan.[3] Sistim kembang mangrupa malai, miboga cabang, panjang leuwih ti 75 cm, kembang warna kakonéng-konéngan nepi ka bodas.[3] Buahna buleud miboga tilu cuping, diameter 1,5-2,5 cm, warna jingga caang , eusi 1-3 siki.[3] Tutuwuhan ieu miboga sababaraha ngaran daérah, saperti pendusta alam (Ambon);[3]

Referensi

  1. (en)Dracaena
  2. a b c Ambarwati, Siti. Budi Daya Tanaman Hias. Jakarta:Ganeca Exact ISBN 9791211477 ISBN 9789791211475
  3. a b c d Hidayat, Syamsul. 2015. Kitab Tumbuhan Obat. Jakarta:AGRIFLO ISBN 9790026609 ISBN 9789790026605
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Suji: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Suji (Dracaena angustifolia) nyaéta salah sahiji tutuwuhan tina kulawarga Asparagaceae. Suji asalna ti Guinéa. di nagara urang, tutuwuhan ieu geus lila dipikawanoh. Cai daun suji bisa dipaké pikeun méré warna kana kuéh, misalna kuéh kelepon, ager, jeung sajabana. Salian pikeun pawarna, tutuwuhan ieu bisa dipaké ogé salaku tutuwuhan hias.

Ieu tutuwuhan kaasup perdu ngadeg atawa tangkal leutik nu jangkungna leuwih ti 60 cm, miboga cabang loba, Daunna wangun pita atawa lansét, nyempit di handap dasar palapah, nyungcung pisan. Sistim kembang mangrupa malai, miboga cabang, panjang leuwih ti 75 cm, kembang warna kakonéng-konéngan nepi ka bodas. Buahna buleud miboga tilu cuping, diameter 1,5-2,5 cm, warna jingga caang , eusi 1-3 siki. Tutuwuhan ieu miboga sababaraha ngaran daérah, saperti pendusta alam (Ambon);

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia