dcsimg

Cécéndét ( السوندية )

المقدمة من wikipedia emerging languages

Cécéndét atawa cécénét nyaéta ngaran tutuwuhan liar, mangrupa semak atawa perdu anu pendék (biasana jangkungna nepi ka saméter) sarta miboga umur kurang leuwih sataun.[1] Cécéndét tumuwuh kalayan subur di dataran handap nepi ka 1550 méter dataran luhur, biasana tumuwuh dina taneuh tegalan, sérang-sérang garing, sarta di leuweung-leuweung jati.[1] Kembangna warna konéng, wangun buahna buleud, warnana héjo semu koneng upama ngora kénéh, tapi lamun geus kolot warnana coklat, rasana haseum amis.[1] Buah cécéndét anu ngora ditutupan ku cangkap (tiung panutup buah).[1]

Buah cécéndét ngandung sanyawa kimia asam sitrun sarta fisalin.[2] Sajaba ti éta ogé ngandung Asam Malat, Alkaloid, Tanin, Kriptoxantin, Vitamin C sarta Gula.[2] Cécéndét miboga mangpaat pikeun ubar kasakit diabétes mellitus, paru-paru, sakalor, jeung borok.[2] Bahan anu digunakeun pikeun ngubaran kasakit diabétes melitus nyaéta tangkal, buah, jeung akar cécéndét.[2] Pikeun gering paru-paru bahan anu dipaké nyaéta akar, watang, daun, kembang jeung buahna.[2] Pikeun ngubaran sakalor nu digunakeun nyaéta 8 nepi ka 10 siki buah cécéndét.[2] Sedengkeun pikeun ngubaran borok saranggeum daun cécéndét ditambahan 2 sendok cai kapur.[2]

Réferénsi

  1. a b c d Tim Armandelta. 2008. Kumpulan Tanya Jawab Tumbuhan dan Toga. Jakarta:Armandelta Selaras Hal. 61
  2. a b c d e f g Ciplukan (id) (Diakses ping 7 November 2011)

Tutumbu Kaluar

ترخيص
cc-by-sa-3.0
حقوق النشر
Pangarang sareng éditor Wikipedia
النص الأصلي
زيارة المصدر
موقع الشريك
wikipedia emerging languages

Cécéndét: Brief Summary ( السوندية )

المقدمة من wikipedia emerging languages

Cécéndét atawa cécénét nyaéta ngaran tutuwuhan liar, mangrupa semak atawa perdu anu pendék (biasana jangkungna nepi ka saméter) sarta miboga umur kurang leuwih sataun. Cécéndét tumuwuh kalayan subur di dataran handap nepi ka 1550 méter dataran luhur, biasana tumuwuh dina taneuh tegalan, sérang-sérang garing, sarta di leuweung-leuweung jati. Kembangna warna konéng, wangun buahna buleud, warnana héjo semu koneng upama ngora kénéh, tapi lamun geus kolot warnana coklat, rasana haseum amis. Buah cécéndét anu ngora ditutupan ku cangkap (tiung panutup buah).

Buah cécéndét ngandung sanyawa kimia asam sitrun sarta fisalin. Sajaba ti éta ogé ngandung Asam Malat, Alkaloid, Tanin, Kriptoxantin, Vitamin C sarta Gula. Cécéndét miboga mangpaat pikeun ubar kasakit diabétes mellitus, paru-paru, sakalor, jeung borok. Bahan anu digunakeun pikeun ngubaran kasakit diabétes melitus nyaéta tangkal, buah, jeung akar cécéndét. Pikeun gering paru-paru bahan anu dipaké nyaéta akar, watang, daun, kembang jeung buahna. Pikeun ngubaran sakalor nu digunakeun nyaéta 8 nepi ka 10 siki buah cécéndét. Sedengkeun pikeun ngubaran borok saranggeum daun cécéndét ditambahan 2 sendok cai kapur.

ترخيص
cc-by-sa-3.0
حقوق النشر
Pangarang sareng éditor Wikipedia
النص الأصلي
زيارة المصدر
موقع الشريك
wikipedia emerging languages