dcsimg

Bolokotondo ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Bolokotondo, kungkang atawa Pentatomidae, nyaéta kulawarga gegeremet dina ordo Hemiptera.[1] Awak scutellum ilaharna satengah inci, kelir héjo atawa coklat, bentuk trapésoid, ku kituna dina basa Inggris katelah kutu taméng (shield bug).[2] Ieu sato ogé katelah walang sangit (Jw., 'simeut nyereng') atawa stink bug' (Ing.), ku sabab lamun kaganggu sok ngaluarkeun zat, kaasup golongan aldehida, anu bau tina sela dadana. Sababaraha spésiés ngaluarkeun ogé golongan sianida.

Bolokotondo loba anu jadi hama pepelakan, ku sabab ilaharna ngabentuk populasi gedé anu ngahakanan/nyeuseup cairan tina pepelakan, sarta weduk tina péstisida. Anu kaganggu biasana kapas, jagong, sorgum, kadelé, pepelakan hias, jeung paré.[3] Najan kitu, aya ogé spésiés anu nguntungkeun, ku sabab sok ngahakanan sato hama lianna.

Baca ogé

  • Acrosternum hilare, lembing héjo
  • Oebalus pugnax, lembing batu
  • Alcaeorrhynchus grandis
  • Cosmopepla lintneriana
Heteroptera morphology-d.svg

Rujukan

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Bolokotondo: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Bolokotondo, kungkang atawa Pentatomidae, nyaéta kulawarga gegeremet dina ordo Hemiptera. Awak scutellum ilaharna satengah inci, kelir héjo atawa coklat, bentuk trapésoid, ku kituna dina basa Inggris katelah kutu taméng (shield bug). Ieu sato ogé katelah walang sangit (Jw., 'simeut nyereng') atawa stink bug' (Ing.), ku sabab lamun kaganggu sok ngaluarkeun zat, kaasup golongan aldehida, anu bau tina sela dadana. Sababaraha spésiés ngaluarkeun ogé golongan sianida.

Bolokotondo loba anu jadi hama pepelakan, ku sabab ilaharna ngabentuk populasi gedé anu ngahakanan/nyeuseup cairan tina pepelakan, sarta weduk tina péstisida. Anu kaganggu biasana kapas, jagong, sorgum, kadelé, pepelakan hias, jeung paré. Najan kitu, aya ogé spésiés anu nguntungkeun, ku sabab sok ngahakanan sato hama lianna.

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia