dcsimg

Jeungjing ( السوندية )

المقدمة من wikipedia emerging languages

Jeungjing, albasiah, atawa séngon laut nyaéta ngaran salan sahiji tatangkalan nu ngahasilkeun kayu, anggota suku Fabacéae. Tangkal nu diaku miboga pertumbuhan panggancangna di dunya ieu, bisa ngahontal jangkung 7m dina wanci sataun, ngaran ilmiahna nyaéta Paraserianthes falcataria.[1] Jeunjing ngahasilkan kayu hampang kelir bodas, cocog keur konstruksi hampang, peti-peti kemas, papan partikel (particle board) katut papan lapis (blockboard).

Ngaran liana nyaéta sika, selawaku (Maluku), bae, bai, wai, wahogon (Papua), batai (Mly.), kalbi, albasiah atau albise (Jw.. Dina basa Inggris mah disebutna Moluccan sau, falcata, atawa white albizia.[1][2][3]

Pangwanoh

 src=
Semai (anak tangkal) jeungjing

Tangkal, sedeng nepikeun ka rada gedé, jangkungna bisa nepi ka 40m sarta gedéna tepi ka 100cm atau lebih. Catang utama umumna lempeng tur silindris, kalayan jangkung catang tanpa dahan (clear bole) nepikeun ka 20m. Kulit luarna euweuh akaran, kelirna kulawu atawa semu bodas, leucir atawa rada kutilan, bari aya jajaran léntisél.[1] Makutana ngarunggunuk, wanguna siga payung, tur carang.[4] Rangrangna nu ngora mah aya segian, tur rambutan.

Daun majemuk nyirip ganda, anak daunna laleutik, gampang rontok,[4] kalayan sakalenjar atawa leuwih dina puhu atawa porosna, 23–30 cm. Cécépét daun jumlahna 6-20 pasang, masing-masing eusina 6-26 pasang anak daun nu lonyod manjang, kalayan tungtungna nu kacida déngdékna, tur seukeut, 0,6-1,8 × 0,5 cm.[5]

Kembangna leutik, bodas semu konéng, buluan,[4] kelamina dua, ngumpul dina untun bulir nu nyagak, 10–25 cm, perenahna dina kélék daun. Wilanganana 5, kongkolak kembang rogés jangkungna lk. 2mm. Tabung makutana wangun corong, bodas tuluy semu konéng, rambutan, jangkungna lk. 6mm. Benangsari jumlahna loba, bodas, mucunghul kaluar tina makuta, dina puhuna ngahiji jadi tabung.[5]

Buah polong ipis siga pita, lempeng, 6-12 × 2 cm, gagangna 0,5–1 cm. Polong baris meulah sapanjang kampuhna nalika geus kolot. Sikina 16 atawa kurang.[4][5]

Pasipatan kayu

Kayu galeuhna ampir bodas atawa soklat ngora; kayu gubalna ampir teu bisa dibédakeun tina kayu galeuh.[2]

Kayu jeungjing beungeutna leucir atawa méh leucir, tur ngagurilap; kalayan tékstur nu rada kasar tur rata. Kayu nu seger kénéh bauna kawas peuteuy, nu beuki lila beuki leungit lamun garing.[2]

Jeungjing kaasup kayu hampang, beurat jinisna kurang leuwih 0,33. Ieu kayu kaasup kana kelas kuat IV-V, tur kelas awét IV-V. Kayu jeungjing cukup gampang diawétkeunana (sedeng) tur gampang ogé digaringkeun, sok sanajan dina kayu nu seratna henteu lempeng mah gampang jadi melengkung atawa muntir ogé. Ngagaringkeun papan sacara alami nu kandelna 2,5 cm tepi ka kadar caina 20% ngabutuhkeun wanci kurang leuwih 33 poé.[2]

Kayu jeungjing relatif gampang dipigawé: diragaji, disugu, diwangun, dihampelas, tur dibubut. Lamun diebor atawa dijieun liang pasagi mah, kadang-kadang hasilna kurang nyugemakeun.[2]

Mangpaat

 src=
Ngaragaji kayu jeungjing di Jasinga, Bogor

Sacara tradisional, kayu jeungjing di Jawa Kulon loba dipaké minangka bahan keur nyieun imah: papan, kaso, balok, tihang jeung sajabana. Di Maluku mah, jaman baheulana kayu jeungjing biasa dipaké keur bahan nyieun taméng sabab hampang, liat tur hésé totos. Pamakéanana loyog jeung kelas sarta kualitas kayu, nyaéta keur bahan wangunan hampang atawa keur kaperluan séjén nu sipatna sampurna. Kiwari kayu jeungjing biasa dipaké keur nyieun papan, peti-peti pangemas, venir, pulp (bubur kayu), papan serat (fiber board), papan partikel (particle board), papan lapis (blockboard), korék api, kelom, peti sabun, parabotan rumah tangga, bahan kaulinan, bahan pamungkus, keretas -kadang-kadang ogé keur nyieun sampang- jeung suluh.[2][4]

Jeungjing bakal leuwih awét jeung tahan sanggeus diecét jeung dikapuran atawa dibéré perlakuan séjén nu dianggep perlu.[4]

Jeungjing ogé mindeng dipelak minangka pepelakan hias, tangkal pangiuhan jeung pelindung dipakébonan, keur ngadalikeun érosi, gemuk héjo, sarta ngahasilkeun suluh. daunna bisa dimangpaatkeun keur kahakanan sato piaraan (hayam jeung embé). Kulit luarna ngahasilkeun zat keur nyamak, sarta bisa dipaké keur nyelep kecrik.[1][3]

Turunan katut kulawarga deukeut

Paraserianthes falcataria boga tilu anak jinis[1]:

  • P.f. falcataria, aslina sumebar di Maluku jeung Papua
  • P.f. salomonensis Nielsen, ti Kapuloan Solomon
  • P.f. fulva (Lane-Poole) Nielsen (sinonim: Albizia fulva Lane-Poole jeung Albizia eymae Fosberg), ti pagunungan Papua.

Jeungjing dibawa ka Kebon Raya Bogor ku Johannes Elias Teijsmann ti Pulo Banda tur ti taun 1871 ieu pepelakan mulai sumebar ka sababaraha wewengkon di Nusantara.[3] Kiwari jeungjing geus dipelak di nagara-nagara tropis, utamana keur produksi kayuna; leuwih-leuwih di Jawa Kulon. Jeungjing tuwuh diJawa, Sumatera, Sulawesi, Papua, jeung Filipina.[4]

Di Papua Nugini bagéan kidul wétan, aya jinis Paraserianthes pullenii (Verdc.) Nielsen. Ieu tangkal ngahasilkan kayu nu siga P. falcataria.[1] Kemlandingan gunung (Paraserianthes lophanta (Willd.) Nielsen) nyaéta tangkal leutik nu kapanggih sumebar di pagunungan-pagunungan di Sumatra, Jawa, Bali, Lombok katut Florés, tuluy luncat ka Australia kidul kulon.[6]

Ékologi katut silvikultur

 src=
Tangtungan jeungjing di Darmaga, Bogor

Habitat asli P. falcataria nyaéta leuweung-leuweung primér, tapi tuluy sering kapanggih di leuweung sekundér jeung dataran banjir di sisi walungan, sarta kadang-kadang di leuweung basisir.[1] Umumna, ieu jinis aya di deukeut pakampungan, sisi jalan, sisi walungan, huma, galengan sawah, pakebonan entéh, kopi, sarta di tegalan. Jeungjing ogé hirup di tempat nembrak tur taneuh porang, nu luhurna 1650 mdpl.[4]

Jeungjing cocog di tempat nu iklimna baseuh tepi ka rada garing, mulai ti padataran handap tepikeun ka pagunungan nu luhurna 1.500 m dbl. Ieu tangkal bisa tuwuh dina taneuh nu henteu subur, taneuh bPohon ini dapat tumbuh pada tanah yang tidak subur, taneuh ceubrik atawa taneuh nu rada asin.[2]

Rujukan

  1. a b c d e f g Soerianegara, I. dan RHMJ. Lemmens (eds.). 2002. Sumber Daya Nabati Asia Tenggara 5(1): Pohon penghasil kayu perdagangan yang utama. PROSEA – Balai Pustaka. Jakarta. ISBN 979-666-308-2. Hal. 343-349
  2. a b c d e f g Martawijaya, A., I. Kartasujana, Y.I. Mandang, S.A. Prawira, K. Kadir. 1989. Atlas Kayu Indonesia, jilid II: 59-64. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Bogor.
  3. a b c Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 2. Yay. Sarana Wana Jaya, Jakarta. Hal. 869-870.
  4. a b c d e f g h Sastrapradja, Setijati; Kartawinata, Kuswata; Soetisna, Usep; Roemantyo; Wiriadinata, Hari; Soekardjo, Soekristijono (1981). Kayu Indonesia. 14:38 – 39. Jakarta:LBN - LIPI gawé bareng jeung Balai Pustaka.
  5. a b c Steenis, CGGJ van. 1981. Flora, untuk sekolah di Indonesia. PT Pradnya Paramita, Jakarta. Hal. 214-215 (sebagai Albizzia falcàta Backer).
  6. Steenis, CGGJ van. 2006. Flora Pegunungan Jawa. Puslit Biologi LIPI, Bogor. Lembar gambar 26 (sebagai Albizia lophanta (Willd.) Benth.)

Tumbu kaluar

ترخيص
cc-by-sa-3.0
حقوق النشر
Pangarang sareng éditor Wikipedia
النص الأصلي
زيارة المصدر
موقع الشريك
wikipedia emerging languages

Jeungjing: Brief Summary ( السوندية )

المقدمة من wikipedia emerging languages

Jeungjing, albasiah, atawa séngon laut nyaéta ngaran salan sahiji tatangkalan nu ngahasilkeun kayu, anggota suku Fabacéae. Tangkal nu diaku miboga pertumbuhan panggancangna di dunya ieu, bisa ngahontal jangkung 7m dina wanci sataun, ngaran ilmiahna nyaéta Paraserianthes falcataria. Jeunjing ngahasilkan kayu hampang kelir bodas, cocog keur konstruksi hampang, peti-peti kemas, papan partikel (particle board) katut papan lapis (blockboard).

Ngaran liana nyaéta sika, selawaku (Maluku), bae, bai, wai, wahogon (Papua), batai (Mly.), kalbi, albasiah atau albise (Jw.. Dina basa Inggris mah disebutna Moluccan sau, falcata, atawa white albizia.

ترخيص
cc-by-sa-3.0
حقوق النشر
Pangarang sareng éditor Wikipedia
النص الأصلي
زيارة المصدر
موقع الشريك
wikipedia emerging languages

Séngon segara ( الجاوية )

المقدمة من wikipedia emerging languages

Sengon Laut utawa Jeungjing ya iku tuwuhan kayu kang kalebu anggota suku Fabaceae.[1] Tuwuhan kang dianggep duwé kaluwihan paling rikat gedhé ing donya iki bisa thukul nganti 7meter ing wektu umur setaun.[1] Nama ngèlmiahé ya iku Paraserianthes falcataria.[1] Sengon Laut iki kayuné ènthèng lan wernané putih, cocog kanggo konstruksi cilik-cilikan kaya ta peti kemas kanggo buah, papan partikel (particle board) lan triplèk (blockboard).[1]

Jeneng liya kayu Sengon Laut ing saben laladan iku béda-béda.[1] Kayata sika, selawaku (Maluku), baé, bai, wai, wahogon (Papua), batai Malaysia, kalbi, albasiah atau albise.[1] Ing basa Inggris disebutaké kanti jeneng Moluccan sau, falcata, atau white albizia.[1]

Wujud

Tuwuhan iki bisa gedhé nganti dhuwuré 40m lan ambané 100sènti.[1] Sengon Laut kayuné lumrahé lurus lan silinder.[1] Werna kulité klawu utawa rada putih, lunyu, kutil.[1]

Godhong majemuk lan sirip loro, sirip-sirip godhong cacahé 6-20 pasang, ing saben sijiné ana 6-26 pasang godhong kang wujudé èlips rada dawa.[1]

Kembang kelamin gandha, kang kumpul dadi siji ing jero bulir kang ngepang 10–25 cm, manggoné ana ing ngisor pang godhong, kelopak kembang dhuwuré 2mili.[2] Tabung makutha wujudé kaya corong, putih lan bisa malih warna kuning, dhuwuré 6mili.[2] Benangsari cacahé akèh, putih, lan metu saka makutha, ing ngisoré dadi siji dadi tabung.[2]

Woh polong tipis kaya pita, lurus, 6-12 × 2 cm, Wiji 16 bisa luwih lan bisa kurang.[2]

Sifat kayu

Kayu sengon laut wernané putih lan uga ana sing coklat nom.[2] Kayu iki duwèni kulit jero kang lunyu lan pliket, tekstur kasar lan rata.[2] Kayu kang isih seger ambuné kaya pete, lan bisa ilang ambuné yèn kayu wis garing.[2] Kayu sengon Laut kagolong kayu kang ènthèng, kayu iki kagolong ing kelas kuwat IV-V, lan kelas awèt IV-V.[2] Kayu iki gampang diawètké lan uga gampang digaringké, nanging kayu iki gampang béngkong nalika wis garing.[2]

Manfaat

Ing Jawa Barat, kayu Sengon Laut akèh sing nggunakaké dadi bahan gawé omah kaya ta papan, kasau, balok, cagak lan liya-liyané.[2] Ingi Maluku, ing jaman biyèn kayu sengon biyasa digawé bahan kanggo tameng, amarga ènthèng, ulet lan angèl pecah.[2]

Saiki kayu sengon biyasa digawé kanggo papan, peti kemas buah, venir, pulp utawa (bubur kayu), papan serat (fiber board), papan partikel (particle board), papan triplèk (blockboard), korek, kelom (alas kaki).[2] Sengon uga kerep ditandur kanggo tuwuhan hias, wit iki bisa kanggo njaga erosi, rabuk ijo, lan bisa kanggo kayu obong.[2] Godhongé bisa kanggo pakan kéwan wedhus, kulité bisa ngasilaké zat penyamak.[2]

Ekologi

Panggon asli Paraserianthes falcataria ya iku alas primer, nanging uga bisa urip ing alas sékundhèr lan ing pinggir-pinggir kali lan uga ana ing pinggir segara.[1] sengon Laut cocog ing papan kang iklim teles lan rada garing, wiwit saka dataran cendhèk nganti tekan pagunungan ing jarak 1.500 m dpl.[1] Wit iki bisa urip ing tanah kang ora subur, tanah teles utawa ing tanah asin.[1] Sengon Laut uga akèh ditandhur ing wujud wanatani, campur karo manéka tuwuhan liya kaya ta pari, lombok, lan liya-liyané.[1]

Cara Nandur

Wiji engon Laut iku angèl thukul.[1] Mula sadurungé ditandur, wiji Sengon kudu disiram nganggo banyu panas lan dikom 24 jam.[1] Banjur, sawisé iku nembé bisa didhedher ing bèdhèng lan dipindah ing pot nalika winih wis umur 2-3 wulan.[1] Yèn wis umur 3 wulan bisa dipindah saka pot lan bisa ditandhur ing tanah kang wis disediaaké.[1] Wiji sengon cukup dipémé nganti 10-15 dina sadurungé disimpen.[1] Panyimpenan kang apik ya iku wadhah garing lan ditutup rapet iku bisa awèt nganti setaun.[1]

Sengon lumrahé ditandur kanti jarak 2m × 2m nganti 4m × 4m.[1] Kanggo kabutuhan produksi kayu, panèn lumrahé bisa ing umur 5 taun.[1]

Cathetan suku

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w Soerianagara, I. dan RHMJ. Lemmens (eds.). 2002. Sumber Daya Nabati Asia Tenggara 5 Pohon penghasil kayu perdagangan yang utama.Balai Pustaka. Jakarta. Hal. 343-349
  2. a b c d e f g h i j k l m n Cornelis Gijsbert Gerrit Jan van Steenis. 1981. Flora, untuk sekolah di Indonésia. Pradnya Paramita, Jakarta. Hal. 214-215.

ترخيص
cc-by-sa-3.0
حقوق النشر
Penulis lan editor Wikipedia
النص الأصلي
زيارة المصدر
موقع الشريك
wikipedia emerging languages

Séngon segara: Brief Summary ( الجاوية )

المقدمة من wikipedia emerging languages

Sengon Laut utawa Jeungjing ya iku tuwuhan kayu kang kalebu anggota suku Fabaceae. Tuwuhan kang dianggep duwé kaluwihan paling rikat gedhé ing donya iki bisa thukul nganti 7meter ing wektu umur setaun. Nama ngèlmiahé ya iku Paraserianthes falcataria. Sengon Laut iki kayuné ènthèng lan wernané putih, cocog kanggo konstruksi cilik-cilikan kaya ta peti kemas kanggo buah, papan partikel (particle board) lan triplèk (blockboard).

Jeneng liya kayu Sengon Laut ing saben laladan iku béda-béda. Kayata sika, selawaku (Maluku), baé, bai, wai, wahogon (Papua), batai Malaysia, kalbi, albasiah atau albise. Ing basa Inggris disebutaké kanti jeneng Moluccan sau, falcata, atau white albizia.

ترخيص
cc-by-sa-3.0
حقوق النشر
Penulis lan editor Wikipedia
النص الأصلي
زيارة المصدر
موقع الشريك
wikipedia emerging languages